“IRAHA NYA BUDAK LEUTIK TEH SARE NA !?”

Sakapeung mah kuring teh sok ngarasa  era, lamun sakalieun kapaksa kudu ningali beungeut sorangan na eunteung .Lain pedah enteung na rumeuk nu nyababkeun kalangkang beungeut jadi  teu pantes ditingali ,tapi dalah di kumaha …beungeut kuring sorangan nu salahna bongan keureutanna teu nyesuaikeun jeung selera  masyarakat  jaman ayeuna .

Geus lah !,ari terus ngomongkeun beungeut sorangan mah da moal aya tungtungna , jeung deui moal bisa “ngarobah kaayaan “ he he !!.Kahirupan terus muter ,jeung kuring teu bisa jalan di tempat,waktu disedot ngan saukur mikiran beungeut .

Tapi ningan Gusti nu maha suci mah ,kacida adilna . Buktina kuring, sok sanajan boga beungeut teu parok jeung batur ,aya wae awewe …nu ngadeukeutan , mimitinamah kuring sorangan teu percaya , malah mah boga sangkaan goreng , boa-boa eta awewe teh  teu normal panonna .Kusabab kitu kuring teu pati serius mikiranana ,komo mun inget kana sababaraha pangalaman katukang mah,gara-gara ieu beunget ,geus sababaraha kali kuring ngalaman nandangan kanyeri  tina sabab kasus cinta nu sulaya .

Harita teh taun 1980-an , kuring jeung manehna keur sarua ngeureuyeuh kuliah di dayeuh Bandung . Manehna mah ngontrak di Bandung na teh ,da aslina mah urang Bogor .Mun sakalieun manehna mulang ka kotana  , kuring biasa nganteurkeun sok sanajan ngan ukur nepi ka terminal kebon kalapa .Tapi dina hiji waktu mah ,manehna teh  maksa hayang di anteur nepi ka Bogor .Kuring jadi rada kerung,lain teu nyaah  , komo deui  nganteur ka kabogoh nu meunang hese, saha nu teu hayang atuh ! .Tapi dalah di kumaha eusi dompet kuring nu jadi masalahna , ka bayang wae ongkos bandung -bogor duaan dina jaman harita .Bari kuring mah ..tara ieuh boga duit sesa na dompet teh , dalah keur ongkos kuliah sapopoe ge ..leuwih mindeng nginjeum ka babaturan .

“ Ku naon Yan.. mani ngahuleng ! , sapertos nu teu rido , diajak nganteur ku  Winda , Teh ?”

“ Sanes ,teu rido ,Win .., Mung …. rada bingung ……. He he “.Kuring ngan ukur bisa balaham belehem .

“ Tos . tong ieuh di emutan ! , da Winda ge ,ngartos , hayu ah ! urang angkat ayeuna , bilih siang teuing ! “  Kuring ngan ukur bisa unggeuk bari hate mah teu puguh di kieuna  , gap kana tas nu rada gede , gejlig ngalengkah …nutur keun lengkah Winda nu geus leuwih ti heula ngagandeuang .

Datang ka Terminal Kebon Kalapa, beus jurusan Bandung –Bogor ,siga nu geus rada lila nungguan .Kayungyun ku kalakuan bebene , asa ku pinter ngajaga gengsi lalaki , eta we palebah meuli ngarcis mah ,nyerahkeun ka kuring,malahan bari jeung percaya nitipkeun dompetna sagala . Beus nu ditumpakan ku kuring teh ,ngarana beus “ Gagak Rimang “,waktu srog asup kajero beus oge , kuringmah kacida hookeun , dumeh eta kaayaan beus kacida alusna . Asesorisna kacida mewahna keur ukuran kuring mah ,Korsina di tilaman deui ku kaen bodas nu nyacas , malahanmah eta korsi teh posisina  bisa di atur sakumaha karep panumpang .Kuring jeung maneh na diuk di korsi tengah ,manehna milih diuk disisi deukeut kaca . Nyerangkeun panumpang sejen , edas … asa ku parantes dedeg pangadegna teh , kaciri da tina keureutan beungeut jeung babawaanna oge  ari jelema nu “ Baronapid” mah . Paingan atuh karcisna  mahal pisan ..kutan kieu suasana di beus “ Patas Express” mah, tengtrem jeung tumaninah ,teu raribut  jeung pasedek-sedek ,jajauheun aya sora budak tingkaroceak ceurik mah, siga dina beus ekonomi nu biasa ku kuring di tumpakan.

Teu lila , beus “Gagak Rimang “ maju , nyemprung meulah jalan kota bandung .Teuing ku tunduh meureun ..Winda mah kaciri geus nundutan ti daerah Padalarang keneh oge. Ku kuring teu di naha-naha da karunya .Kuring mah boro-boro tunduh , asa ku lebar ..beus nu sakitu ngeunaheunana, jeung mahal mayarna ,ngan ukur di pake sare .Ngareret ka kenca jeung katuhu ,edas ningan penumpang lain ge pada sarua …loba nu sarare .Salian ku tumaninah ,dijero beus teh asa ku aneh ..teu aya hiji oge nu dagang asongan wani asup , da biasanamah …nu dagang asongan jeung panumpang ,meni pabaliut di jero beus

teh  Sili sered bari patarik-tarik cing corowok nawarkeun dagangannana. Nepi ka daerah Tagog Apu, Padalarang ,alhamdulilah ceuli teh teu ka ganggu ku sora tukang asongan .

Ngan edas … palebah daerah Raja Mandala , wates kabupaten Bandung jeung Cianjur , kuring rada keuheul , Wireh mireungeuh di korsi jajaran tukang , aya saurang “ Tukang Asongan “ anu kumawani nanawarkeun daganganna . Ditempo katukang kaciri nu didagangkeunana teh roti aya tilu rupana di tambah ku cai nginum di kotakan, dibungkus ku kertas plastik. Nu matak ngajadi heran …bet naha kabeh penumpang nu ditawaran ku si Tukang Asong … kalahka Mareuli . Teu nyangka ningan penumpang nu balaleunghar teh ningan marasih resep mareuli dagangan ti tukang asongan ,anu loba kaomongkeun bahanna teh  sok teu arasli . Ngareret ka gigir ..Winda mah siga nu geus tibra ,malahmah siga nu keur ngimpi  endah. Ngareret deui ka tukang , si “Tukang Asong” geus beuki ngadeukeutan ka tempat diuk kuring ,manehna masih angger keur nawarkeun daganganna, …para penumpang nu ditawaran angger deuih mareuli . Nyel ..kuring rada ambek ! , ceuk pikiran teh … “awas siah ! ku aing mah , moal di beulian !!, kuring mah moal ka bawa ku sakaba-kaba ! “. Geus gilig boga niat kitu mah , kuring the terus nyangsaya kana korsi ,api-api sare .

“ Mas ! , Mas ! …,ini rotinya …Mas ! “ Kadenge si Tukang Asong nawarkeun dagangannana , bari noel tak tak kuring .

“ Tidak … Tidak  ..!” ceuk kuring bari  api- api nguliat .

“ Mas… Ini Rotinya ! Mas ! “ Si Tukang Asongan semu keukeuh mamaksa .

“ Tidak …. Tidak …! , kata saya Tidak ! … ya Tidak..!!”. Jawab kuring rada tarik ,da ka jurung ku ambek .

“ Ini .. Rotinya Mas ! “ Ceuk si Tukang Asongan ,semu Maksa , terus Bungkusan Roti teh di simpen dina lahunan kuring . Nyel ..kuring jadi ambek , asa ku maksa pisan eta si Tukang Asongan , geus sidik moal meuli, der… Bungkusan Roti teh kalahka di simpen dina lahunan. Gancang kuring nangtung , rek mikeun deui ata bungkusan roti,ka manehna . Ngadenge aya nu ribut , Winda siga nu kahudangkeun .

“ Aya naon !! Yan ?” Winda nanya semu leuleuy.

“ Ieu .. Win ! , aya tukang asongan, maksa kedah meser ! “  tembal kuring rada tarik !,si Tukang Asongan kalahka nyerengeh pikageuleuheun .

“ Yan…. Tong ribut atuh isin !!,tampi weh .. da etamah …gratis ! “ Ceuk Winda Semu rada kesel ka kuring

“ Ooooohhhhh !!!! “ kuring ngan ukur bisa olohok , era ku paripolah sorangan !.

“ Nembe naek beus ..Patas nya ..Pa “ ceuk si Tukang Asongan …bari seuri semu ngeunah .

Kuring teu ngajawab , nu aya mah ripuh weh nahan ka era , komo barang ngadenge panumpang nu lain ngilu sareurimah , meni geus hayang sa jleng – jlengeun we luncat tina luhur beus  teh!.

Ti saprak kajadian eta , kuring jadi teu tumaninah deui diuk na beus teh. Panon geus teu wani luak –lieuk .Beungeut geus asa kandel nahan kawirang . Bororaah …bisa menikmati perjalanan , nu aya mah bingung we …kudu dimana nyumputkeun beungeut. Si horeng ka era teh teu ereun , geus hayang neke we ka budak leutik nu diuk di korsi tukangeun kuring , rek kumaha teu ambek .Tiap lima menit ,terus we nyindiran kuring  , ngajorowok …” Tidak …Tidak ..” ,eta deui Indung –Bapak na ,naha teu wani nyarek , ieu mah kalahka di angsonan ku seuseurian sagala, siga nu euweuh hiburan lain .

Perjalanan Bandung – Bogor , nu asalna ..di impleng , bakal pikaendaheun ,tungtungnamah kacau balau .

Hate ngajerit ka nu maha kawasa , supaya beus gancang-gancang nepi . Jeung budak leutik nu terus nyindiran kuring gancang sare . Nempo kagigir …Winda mah angger tibra , antukna kuring ge maksakeun peureum , tapi da teu bisa sare , bonganna ieu ceuli terus di ganggu ku sora budak leutik nu teu eureun-eureun ngomong … “Tidak….Tidak !! “.

Sisi Lamping Gunung Bohong ,

Sabtu, 7 Mei 2011.